Tiap-tiap waktu gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna. Ku nyangking eta kapercayaan, aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat. Tarima kasalametan ti Allah, pake jadi balakutakna, sarta sabda Allah anu dipaparinkeun ku Roh Allah jadi pedangna.