Tadina saenyana aranjeun teh maot, maot rohani, ku karana dosa jeung ku karana jadi jelema anu teu disunat sacara lahir. Tapi ayeuna ku Allah geus dihirupkeun bareng jeung Kristus. Dosa-dosa urang ku Allah dihampura kabeh. Daptar hutang dosa-dosa urang anu sarat rukun-rukunna kacida beuratna teh ku Mantenna dipareuman kabeh, daptar catetanana dipiceun, dipaku dina kayu salib.