Dina hiji poe wanci asar, gugah leleson Daud unggah ka loteng karaton. Sabot angkat-angkatan di loteng bet ningali awewe keur mandi geulis pisan. Manahna panasaran hoyong uninga eta awewe teh saha, seug miwarang nyerepkeun. Eta awewe teh Batseba binti Eliam, bojona Uria urang Het.