Sim kuring teu kendat muji sukur ka Allah ku hal aranjeun. Unggal neneda aranjeun sok disebut. Saban-saban neneda ka Allah Rama urang, sim kuring teh inget ka aranjeun, anu sakitu percayana ka Kristus, nyata dina hirup aranjeun. Aranjeun sakitu mikahemanna ka nu sejen, nepi ka daek nyorang hese cape, jeung teguh mantengkeun harepan ka Gusti urang Yesus Kristus.